Ads Top

Situs Gunung Padang Cianjur nu Sarerea


Hamparan Batu Gunung Padang

Gunung Padang : eksotisme alam, sejarah jeung nu Maha Kawasa. Naha make jeung dinamian Gunung Padang? Pan situs paninggalan sejarah jaman heubeul ieu sanes berlokasi di Padang (Sumatera Barat). Menurut warga sakitar, Gunung Padang anu terdiri dua kata ieu, Gunung nu hartina luhur, Padang nu hartina caang (terang). Katinggian situs ieu sekitar 900 meter diluhur permukaan cai laut, tebihna sakitar 25 kilometer ti pusat kota Cianjur.

Gunung Padang ieu nyaeta susunan batu ngahampar sakitu seueurna di luruh gunung. Batu anu nyusunna bentuk segi opat panjang, aya anu terdiri segi tilu, segi opat segi lima jeung sajabana. Pikeun nepi ka situs ieu, upami ti cianjur urang kedah ngalangkungan Warungkondang, Cikancana (Kanoman), Cibokor, Lampegan, Pal Dua nembe ka Gunung Padang.

Angka Lima
Saperto nu diterangkeun di luhur, salah sahiji susunan batu nu nyusun di Gunung Padang teh aya nu segi lima, nah ternyata mayoritas 85 persen, batu di Gunung Padang ieu nyaeta nu bentukna segi lima. Salain ti eta, aya lima gunung anu ngurilingan sekitar Gunung Padang, nyaeta …

Aya oge jarak lima gunung antara ti Gunung Padang nepika Gunung Gede-Pangrango. Wallahuallam eta pertanda naon, ngan tanda-tanda eta pikeun urang teh percaya yen urang-urang jaman baheula teh pernah ngabangun tempat-tempat anu luar biasa jeung tangtosna urang tiasa muhasabah kana kawasa Sang Maha Pencipta.

Satiap bulanna, kaetang nu sumping ka Gunung Padang ieu sakitar 20.000 jalmi. Ieu janten daya tarik masyarakat sakitar Cianjur, lebih luas na Jawa Barat, Indonesia sareng turis-turis mancanegara. Pikeun dugi ka hamparan batu objek wisata sejarah Gunung Padang, para wisatawan ieu kedah naik tangga anu lumayuan luhur sareng ngajadikeun ngesang, tapi saatos dugi urang bakal kagum ningal indahna Gunung Padang, Subhanallah.





Fikri Audah (Co Founder www.sundawi.com)


Tangga Pikeun ka Situs Gunung Padang
Saleresna tina sakitu seueurna wisatawan nu sumping, muncul salah hiji masalah nyaeta sampah. Para pengunjung ieu sok miceun wae plastik, boh sampah nu leutik nepika nu loba. Ieu janten perhatosan urang sadayana. Salain ti eta, pengunjung Gunung Padang sok nincakan batu-batu nu aya, nah eta teh saleresna bakal ngarusak kana kaalamian batu-batu, mulai tina posisina, warna-na sareng strukturna. Makanna urang jaga ku sarerea Gunung Padang ieu. Maenya eleh ku urang luar negeri nu sakitu nyaahna kana situs ieu.


Sumber, Foto : http://www.sundawi.com 

2 comments:

Rizki Dewantoro Eukaliptus said...

baru sekali kesana, insyaallah kalo ada waktu kesana lagi, :)

Sundawi said...

mantap kang rizki.. boh caritana, artikelna, termasuk modelna nu ngangge acuk hejo.. (y)
hha :D
oia, LInk sudah saya pasang a..
Tukar Link

Powered by Blogger.